Senin, 18 Juli 2011

Ratu gosip

Tante Genjréng dikomplekna
katelah ratu gosip, unggal poe
teu eureun ngomongkeun
batur, tapi saprak bulan puasa
kabiasaan eta mimiti
ngurangan, lantaran lamun
nek ngagosip cenah sok inget
kapiwurukna ustad Jali, ulah
sok ngomongkeun batur,
pamali cenah jeung deui bakal
ruksak pahala puasana.
Enya we, basa aya acara
arisan diimahna ibu Edoh,
manehna teu ngomongkeun
batur, tapi kalahka ngomong
kieu.
"Eh... ibu ibu... tos tarerang
teu... bejana genderewo
kaperegok bobogohan jeung
kuntilanak nepi kasubuh,
malahan cenah ayeuna
kuntilanak teh geus ngandeg
tilu bulan, padahal genderewo
teh kanyahoan geus buntutan,
karunya nya kuntilanak
diculeoskeun!"

Tidak ada komentar:

Posting Komentar