Selasa, 19 Juli 2011

pahili sendal

Sendal Kuring
Category: Bobodoran Sunda
Di hiji poe jum'at saberes
jum'atan, si ucok (orang batak
nu karek pindah k bandung)
ambek-ambekan da sendalna
leungit,, si ucok nanya ka
barudak nu keur nongkrong,,
Si Ucok: "Heh kau barudak,,
ninggali sendal kuring teu??"
Barudak: "Sendal nu kumaha
bang??"
Si Ucok: "Eta sendal nu karek
meuli bieu isuk-isuk"
Barudak: "Wah teu apal bang"
Datang Pa Haji nu karek
kaluar ti Mesjid, di tanya oge
ku si ucok...
Si Ucok: "Pa Haji, sendal
kuring leungit pa haji"
Pa Haji: "Pahili meureun
bang"
Si Ucok: "Bah..! Siapa pula eta
pa hili?? Wah kudu di bantai
ku kuring..!"
Pa Haji: "Eh si abang, Pahili
teh Pagentos"
Si Ucok: "Bah..! Duaan jeung si
Pa gentos??? Wah duanana ku
kuring rek di bantai..!"
Pa Haji: "Aduh di bejaan teh
teu ngarti-ngarti, pa haji uwih
ahh...Assalamualaikum.."
Si Ucok: "Bah..! Rek kamana
Pa Haji?? Sendal kuring
kumaha ieu??"

Tidak ada komentar:

Posting Komentar