Pasosore jang Imat
ngahajakeun ulin ka Si Nana
sobatna. Kasampak di imah Si
Nana aya Ninina keur
ngawangkong di hareup bari
ngawedang kopi hideung jeung
seupan sampeu anyar nyait
tina panyeupanan, panas tur
ngebul keneh.
Jang Imat nyampeurkeun tuluy
nanya ka ninina si Nana.
Imat, "Punten Ni, ari Nana aya
di ompok deh?"
Nini, "Aya bieu mah di tukang
keur semesan sosoranganan
wae handapeun tangkal
kopo."
Imat, "Haaarr...ari nini, piraku
maen batminton
sosoranganan?"
Nini, "Lain keur batminton,
tapi keur semesan, eta
geuning nu sok dipencetan ku
indung leungeun make
hempon."
Imat, "Oohh...sanes semesan
atuh Ni, tapi SMS-an eta mah.
Kunaon dipencetana ku indung
leungeun henteu ku cinggir
nya Ni?"
Nini, "Bieung ah, teu
nyararaho kuring mah."
Imat, "Ari cinggir mah paranti
meresihan rorompok korong."
Nini, "Nurustunjung siah,
kuring keur ngawedang yeuh!"
Imat, "He-he, punen Ni,
heureuy. Mangga atuh, rek ka
tukang nyampeur si Nana, bisi
kumaha onam..!"
Nini, "Nos! Kaditu
sampeurkeun bege!"
Selasa, 19 Juli 2011
nyeri sirah
Sebut wae ngarana Mang Ihin,
tukang obat keliling, nu sok
mangkal di hareupeun kantor
pos. Jam dalapan manehna
geus ngampar, manehna teh
spesialisasina kana obat nyeri
sirah tradisional, bari terus
gogorowokan sangkan nu
liwat katarik ku obat nyeri
sirah "made in" manehna.
Mang Ihin terus noroweco,
"Bapa-bapa, ibu-ibu, sareng
saderek sadaya, mangga
cobian ieu obat, dupi obat nu
didagangkeun ku sim kuring
taya lian ti obat nyeri sirah,
obat nu cespleng.
Upami Bapa atawa ibu
katerap panyawat nyeri sirah,
cobian nuang ieu obat, moal
samenit-menit acan eta
panyawat nyeri sirah bakal
ical, ieu memang terbukti
obat nyeri sirah paling
cespleng," cek Mang Ihin teu
siriknya nepi ka gogorowokan,
ampir-ampiran beakeun sora.
Tapi saurang oge teu aya nu
mirosea, nu liwat ukur
ngareret wungkul. Malah nu
liwat kalah katarik ku atraksi
tukang obat kulit nu
maenkeun oray kobra.
Geus leuwih ti tilu jam
meureun Mang Ihin
gogorowokan teh. Geus
kasawang ku manehna moal
aya jalma nu ngabandungan
omongan manehna, Mang Ihin
terus meresan daganganana.
Memeh balik, manehna
nyampeurkeun tukang dagang
nu ngadon dagang di jero kios
sisi jalan.
"Peryogi naon Mang?", Ceuk
nu dagang tina jero kios.
Mang Ihin, "Cik Jang, sugan
aya procold, meser dua mah.
Puguh rada nyeri sirah Emang
teh, dagang ti isuk teu aya nu
ngareret-reret acan" Ceuk
Mang Ihin bari ngasongkeun
duit lima rebuan salambar.
Sent by:
tukang obat keliling, nu sok
mangkal di hareupeun kantor
pos. Jam dalapan manehna
geus ngampar, manehna teh
spesialisasina kana obat nyeri
sirah tradisional, bari terus
gogorowokan sangkan nu
liwat katarik ku obat nyeri
sirah "made in" manehna.
Mang Ihin terus noroweco,
"Bapa-bapa, ibu-ibu, sareng
saderek sadaya, mangga
cobian ieu obat, dupi obat nu
didagangkeun ku sim kuring
taya lian ti obat nyeri sirah,
obat nu cespleng.
Upami Bapa atawa ibu
katerap panyawat nyeri sirah,
cobian nuang ieu obat, moal
samenit-menit acan eta
panyawat nyeri sirah bakal
ical, ieu memang terbukti
obat nyeri sirah paling
cespleng," cek Mang Ihin teu
siriknya nepi ka gogorowokan,
ampir-ampiran beakeun sora.
Tapi saurang oge teu aya nu
mirosea, nu liwat ukur
ngareret wungkul. Malah nu
liwat kalah katarik ku atraksi
tukang obat kulit nu
maenkeun oray kobra.
Geus leuwih ti tilu jam
meureun Mang Ihin
gogorowokan teh. Geus
kasawang ku manehna moal
aya jalma nu ngabandungan
omongan manehna, Mang Ihin
terus meresan daganganana.
Memeh balik, manehna
nyampeurkeun tukang dagang
nu ngadon dagang di jero kios
sisi jalan.
"Peryogi naon Mang?", Ceuk
nu dagang tina jero kios.
Mang Ihin, "Cik Jang, sugan
aya procold, meser dua mah.
Puguh rada nyeri sirah Emang
teh, dagang ti isuk teu aya nu
ngareret-reret acan" Ceuk
Mang Ihin bari ngasongkeun
duit lima rebuan salambar.
Sent by:
poe jumaah
Isak : "Rus, ari ayeuna poe
naon?"
Rusdi : "Poe Kemis"
Isak : "Ari isukan"?
Rusdi : "Poe Jumaah"
Isak : "Ari geus Jumaah?"
Rusdi : "Nya balik atuh Sak,
piraku cicing wae di mesjid".
Isak : "Pinter geuning Rusdi
mah."
(Rusdi jeung Isak
tingserengeh, dibaturan ku nu
maca)
naon?"
Rusdi : "Poe Kemis"
Isak : "Ari isukan"?
Rusdi : "Poe Jumaah"
Isak : "Ari geus Jumaah?"
Rusdi : "Nya balik atuh Sak,
piraku cicing wae di mesjid".
Isak : "Pinter geuning Rusdi
mah."
(Rusdi jeung Isak
tingserengeh, dibaturan ku nu
maca)
nyusuan
Dina hiji poe, aya ibu-ibu
numpak angkot bari ngangais
budak. tapi tisabareng naek
angkot, eta budak teh teu
eureun ceurik wae,
tayohnamah eta budak teh
hayangeun nyusu tapi
indungna eraeun da puguh
angkot teh pinuh, tuluy wae
ku indungna di beberah sina
repeh, tapi eta budak kalah
beuki tarik ceurikna teh.nya
akhirna mah indungna
ngelehan era era oge susuna
dikaluarkeun tuluy di
asongkeun kabudakna bari
tuluy dirungkupan ku samping.
teu kosi lila eta budak kaluar
nolol tina samping bari pok
ngomong ka penumpang
sejena "ngalaleueut a ......"
numpak angkot bari ngangais
budak. tapi tisabareng naek
angkot, eta budak teh teu
eureun ceurik wae,
tayohnamah eta budak teh
hayangeun nyusu tapi
indungna eraeun da puguh
angkot teh pinuh, tuluy wae
ku indungna di beberah sina
repeh, tapi eta budak kalah
beuki tarik ceurikna teh.nya
akhirna mah indungna
ngelehan era era oge susuna
dikaluarkeun tuluy di
asongkeun kabudakna bari
tuluy dirungkupan ku samping.
teu kosi lila eta budak kaluar
nolol tina samping bari pok
ngomong ka penumpang
sejena "ngalaleueut a ......"
TKI
TKI di Arab Saudi
Category: Bobodoran Sunda
kacaritakeun dihiji lembur aya
hiji pamuda nu kakara balik
jadi TKI di arab saudi,
kabejakeun si eta pamuda teh
mawa babawaan loba pisan
keur oleh-oleh jang
pamajikana dilembur, tayohna
mah eta beja teh kadengeeun
ku bangsat anu geus biasa
ngaranjah eta lembur,
panjang carita eta bangsat teh
geus siap-siap erek ngajorag
imah TKI tea engke peuting.
kacaritakeun eta bangsat teh
geus ngadakom dina kenteng
nunguan nu boga imah sare,
sanggeus lila di tungguan nu
boga imah teh can sare wae
kadon hayeuh ngobrol terus
sosonoan dapuguh geus lila
tea teu panggih.
sibangsat geus teu kuat
cangkeuleun nungguan bari
ngadedengekeun nuboga
imah, bari pok salakina
ngomong ka pajikan na
salakina: euh nyi meni liket
asa ketan kieu. ceuk
salakina...
pamajikan na seuri bari
ngarangul... ngadenge kitu
sibangsat anu geus lila
nungguan beuki keuheul wae
atuh, jrut manehna turun tina
suhunan bari pok ngomong
"oncoman we sakalian
ajig....bari dirigdig lumpat si
bangsat teh. teu kosi lila eta
bangsat teh balik deui bari "
jedak...najong bilik manehna
ngomong deui dasar ulen
siah... dirigdig deui w
Category: Bobodoran Sunda
kacaritakeun dihiji lembur aya
hiji pamuda nu kakara balik
jadi TKI di arab saudi,
kabejakeun si eta pamuda teh
mawa babawaan loba pisan
keur oleh-oleh jang
pamajikana dilembur, tayohna
mah eta beja teh kadengeeun
ku bangsat anu geus biasa
ngaranjah eta lembur,
panjang carita eta bangsat teh
geus siap-siap erek ngajorag
imah TKI tea engke peuting.
kacaritakeun eta bangsat teh
geus ngadakom dina kenteng
nunguan nu boga imah sare,
sanggeus lila di tungguan nu
boga imah teh can sare wae
kadon hayeuh ngobrol terus
sosonoan dapuguh geus lila
tea teu panggih.
sibangsat geus teu kuat
cangkeuleun nungguan bari
ngadedengekeun nuboga
imah, bari pok salakina
ngomong ka pajikan na
salakina: euh nyi meni liket
asa ketan kieu. ceuk
salakina...
pamajikan na seuri bari
ngarangul... ngadenge kitu
sibangsat anu geus lila
nungguan beuki keuheul wae
atuh, jrut manehna turun tina
suhunan bari pok ngomong
"oncoman we sakalian
ajig....bari dirigdig lumpat si
bangsat teh. teu kosi lila eta
bangsat teh balik deui bari "
jedak...najong bilik manehna
ngomong deui dasar ulen
siah... dirigdig deui w
pahili sendal
Sendal Kuring
Category: Bobodoran Sunda
Di hiji poe jum'at saberes
jum'atan, si ucok (orang batak
nu karek pindah k bandung)
ambek-ambekan da sendalna
leungit,, si ucok nanya ka
barudak nu keur nongkrong,,
Si Ucok: "Heh kau barudak,,
ninggali sendal kuring teu??"
Barudak: "Sendal nu kumaha
bang??"
Si Ucok: "Eta sendal nu karek
meuli bieu isuk-isuk"
Barudak: "Wah teu apal bang"
Datang Pa Haji nu karek
kaluar ti Mesjid, di tanya oge
ku si ucok...
Si Ucok: "Pa Haji, sendal
kuring leungit pa haji"
Pa Haji: "Pahili meureun
bang"
Si Ucok: "Bah..! Siapa pula eta
pa hili?? Wah kudu di bantai
ku kuring..!"
Pa Haji: "Eh si abang, Pahili
teh Pagentos"
Si Ucok: "Bah..! Duaan jeung si
Pa gentos??? Wah duanana ku
kuring rek di bantai..!"
Pa Haji: "Aduh di bejaan teh
teu ngarti-ngarti, pa haji uwih
ahh...Assalamualaikum.."
Si Ucok: "Bah..! Rek kamana
Pa Haji?? Sendal kuring
kumaha ieu??"
Category: Bobodoran Sunda
Di hiji poe jum'at saberes
jum'atan, si ucok (orang batak
nu karek pindah k bandung)
ambek-ambekan da sendalna
leungit,, si ucok nanya ka
barudak nu keur nongkrong,,
Si Ucok: "Heh kau barudak,,
ninggali sendal kuring teu??"
Barudak: "Sendal nu kumaha
bang??"
Si Ucok: "Eta sendal nu karek
meuli bieu isuk-isuk"
Barudak: "Wah teu apal bang"
Datang Pa Haji nu karek
kaluar ti Mesjid, di tanya oge
ku si ucok...
Si Ucok: "Pa Haji, sendal
kuring leungit pa haji"
Pa Haji: "Pahili meureun
bang"
Si Ucok: "Bah..! Siapa pula eta
pa hili?? Wah kudu di bantai
ku kuring..!"
Pa Haji: "Eh si abang, Pahili
teh Pagentos"
Si Ucok: "Bah..! Duaan jeung si
Pa gentos??? Wah duanana ku
kuring rek di bantai..!"
Pa Haji: "Aduh di bejaan teh
teu ngarti-ngarti, pa haji uwih
ahh...Assalamualaikum.."
Si Ucok: "Bah..! Rek kamana
Pa Haji?? Sendal kuring
kumaha ieu??"
Senin, 18 Juli 2011
jamu si nini
Waktu asup ka kamar mandi
anu ngahiji jeung sumur, siaki
walahwah weuleuhweuh
ngageroan sinin.
"Niniiiiiiiiii... tingali geura
geuning biwir sumur ngegel
timbaan !" ceuk siaki reuwas.
"Tong gujrud aki....puguh tadi
teh jamu sari rapet nini
tikecemplung kasumur!"
jawab sinini bari keom.
anu ngahiji jeung sumur, siaki
walahwah weuleuhweuh
ngageroan sinin.
"Niniiiiiiiiii... tingali geura
geuning biwir sumur ngegel
timbaan !" ceuk siaki reuwas.
"Tong gujrud aki....puguh tadi
teh jamu sari rapet nini
tikecemplung kasumur!"
jawab sinini bari keom.
2 in 1
Tukang jeruk : "Jeruk
jareruk..jareruuuuuk, mangga
nu bade.... jeruk Garut asli
asak tina tangkalna sanes
asak karbitan, dijamin
keueut!"
Tukang Tahu :
"Tahu..tarahu..tarahuuuuuuu,
mangga nu bade...tahu
Sumedang asli, curintik,karek
nyat..dijamin pelem!"
Odoy : (bari culang cileng )
"Jeruk kabita hayang ngasaan,
ningali tahu komo kumerot,
ngan edas mun meuli dua dua
teu boga jeung ongkos balik,
ke.. ke...ari ieu tukang naon
titatadi teu nawar nawarkeun,
mang ieu icalan naon?"
Siamang : "Tahu rasa jeruk
jang!"
jareruk..jareruuuuuk, mangga
nu bade.... jeruk Garut asli
asak tina tangkalna sanes
asak karbitan, dijamin
keueut!"
Tukang Tahu :
"Tahu..tarahu..tarahuuuuuuu,
mangga nu bade...tahu
Sumedang asli, curintik,karek
nyat..dijamin pelem!"
Odoy : (bari culang cileng )
"Jeruk kabita hayang ngasaan,
ningali tahu komo kumerot,
ngan edas mun meuli dua dua
teu boga jeung ongkos balik,
ke.. ke...ari ieu tukang naon
titatadi teu nawar nawarkeun,
mang ieu icalan naon?"
Siamang : "Tahu rasa jeruk
jang!"
Bobogohan bulan puasa
"Lamun seug bobogohan
kawas keur bulan puasa,
meureun moal olok lipen
stip !" ceuk Oneng
ngagereneng ka Onih basa
balik tarawehan.
"Naha kitu ?" tanya Onih
semu nu heran
"Sasarina mah samemeh
bulan puasa, karek saminggu
ge geus beak salosina,tapi
ayeuna hiji ge aya keneh
sapotong deui, da eta kang
Odoy
Surodoy mah meni euweuh
kabosen ngapelan teh meni
unggal poe, bakating ku cinta
meureun ka uing!"
"Naon hubungan apel jeung
lipen stip ?" tanya Onih bari
kerung
"Hih..ari maneh kawas teu
karasa wae, teuing atuh da
kang Odoy mah teu kaop
ningali biwir urahak sok
langsung we nyosor !"
"Tomi ngak gituh !" Onih
nimpalan nurutan iklan, da
kaparengan deuih kabogohna
ge ngarana Tomi.
"Nya meureun kabogoh
maneh mah kurang
romantis !"
"Ceuk saha euy...puguh pang
romantisna sadunya..tuh
tingali diburuan imah uing
kembang ngabugbrug, eta teh
kiriman kang Tomi bisi teu
nyaho mah !" Onih ngadadak
kuraeud baeud
"Ari ayeuna keur bulan puasa
masih keneh sok susar sosor
kitu ?" sambungna deui
"Ih..puguh geus dibejakeun,
ari bulan puasa mah teu pati
teuing, jadi lipen stipna oge
awet !"
"Ari eta geuning make meuli
dua losin sagala, jeung saha ?"
"Puguh sasayagian jang engke
tas lebaran !" (SR)
kawas keur bulan puasa,
meureun moal olok lipen
stip !" ceuk Oneng
ngagereneng ka Onih basa
balik tarawehan.
"Naha kitu ?" tanya Onih
semu nu heran
"Sasarina mah samemeh
bulan puasa, karek saminggu
ge geus beak salosina,tapi
ayeuna hiji ge aya keneh
sapotong deui, da eta kang
Odoy
Surodoy mah meni euweuh
kabosen ngapelan teh meni
unggal poe, bakating ku cinta
meureun ka uing!"
"Naon hubungan apel jeung
lipen stip ?" tanya Onih bari
kerung
"Hih..ari maneh kawas teu
karasa wae, teuing atuh da
kang Odoy mah teu kaop
ningali biwir urahak sok
langsung we nyosor !"
"Tomi ngak gituh !" Onih
nimpalan nurutan iklan, da
kaparengan deuih kabogohna
ge ngarana Tomi.
"Nya meureun kabogoh
maneh mah kurang
romantis !"
"Ceuk saha euy...puguh pang
romantisna sadunya..tuh
tingali diburuan imah uing
kembang ngabugbrug, eta teh
kiriman kang Tomi bisi teu
nyaho mah !" Onih ngadadak
kuraeud baeud
"Ari ayeuna keur bulan puasa
masih keneh sok susar sosor
kitu ?" sambungna deui
"Ih..puguh geus dibejakeun,
ari bulan puasa mah teu pati
teuing, jadi lipen stipna oge
awet !"
"Ari eta geuning make meuli
dua losin sagala, jeung saha ?"
"Puguh sasayagian jang engke
tas lebaran !" (SR)
Ratu gosip
Tante Genjréng dikomplekna
katelah ratu gosip, unggal poe
teu eureun ngomongkeun
batur, tapi saprak bulan puasa
kabiasaan eta mimiti
ngurangan, lantaran lamun
nek ngagosip cenah sok inget
kapiwurukna ustad Jali, ulah
sok ngomongkeun batur,
pamali cenah jeung deui bakal
ruksak pahala puasana.
Enya we, basa aya acara
arisan diimahna ibu Edoh,
manehna teu ngomongkeun
batur, tapi kalahka ngomong
kieu.
"Eh... ibu ibu... tos tarerang
teu... bejana genderewo
kaperegok bobogohan jeung
kuntilanak nepi kasubuh,
malahan cenah ayeuna
kuntilanak teh geus ngandeg
tilu bulan, padahal genderewo
teh kanyahoan geus buntutan,
karunya nya kuntilanak
diculeoskeun!"
katelah ratu gosip, unggal poe
teu eureun ngomongkeun
batur, tapi saprak bulan puasa
kabiasaan eta mimiti
ngurangan, lantaran lamun
nek ngagosip cenah sok inget
kapiwurukna ustad Jali, ulah
sok ngomongkeun batur,
pamali cenah jeung deui bakal
ruksak pahala puasana.
Enya we, basa aya acara
arisan diimahna ibu Edoh,
manehna teu ngomongkeun
batur, tapi kalahka ngomong
kieu.
"Eh... ibu ibu... tos tarerang
teu... bejana genderewo
kaperegok bobogohan jeung
kuntilanak nepi kasubuh,
malahan cenah ayeuna
kuntilanak teh geus ngandeg
tilu bulan, padahal genderewo
teh kanyahoan geus buntutan,
karunya nya kuntilanak
diculeoskeun!"
hape di kelas
Pa, Wahyu ngaguruan di
salahsahiji sakola anu
kawilang elite, murid muridna
ampir kabeh ka sakolana
marawa hp, atuh puguh we
samemeh diajar sora hape
meni recet disarada. Jam
pelajaran kahiji, pa' Wahyu
kabagean ngajar dikelas anu
murid muridna rada barengal,
ti rohangan guru gandeang pa'
Wahyu nuju karohangan
kelas,ningali ringkang
ringkang guru datang, murid
murid dijero kelas ngadadak
jempe kawas gaang katincak.
" Selamat pagi anak anak !"
ceuk pa' Wahyu basa lol ti
lawang panto.
" Pagiiiiii....paaaaaak !" jawab
murid meni reang.
" Samemeh neruskeun
palajaran bapa nek mere
wejangan heula ka haridep,
sakumaha anu geus kauninga
sakumna umat Islam ayeuna
keur ngajalankeun ibadah
puasa, puasa teh salahsahijina
ngalatih kadisiplinan, jadi
timimiti poe ieu masalah
kadisiplinan kudu
ditingkatkeun, utamana lamun
keur dijero kelas,ulah ngobrol
lamun bapa keur nerangkeun
kitu deui anu marawa hape
kudu di-off-keun heula, sabab
bisa ngaganggu katenangan
diajar, saha wae anu
ngalanggar paraturan ieu
bakal dibere sangsi,
ngartoooss ?!" ceuk pa' Wahyu
bari nyiapkeun bahan
palajaran
"Sangsina naon pa ?" tanya
Oneng sorana halimpu,
ma'lum bentangna kelas eta.
"Lamun kanyahoan ngobrol
waktuna diajar atawa kadenge
aya sora hape, wayahna kudu
kaluar tikelas, tah paraturan
ieu berlaku jang saha wae, teu
pilih kasih !" tembal pa'
Wahyu Can acan garing biwir
pa' Wahyu ngomong kitu, di
bangku tukang aya hape
ngirining, kabeh marelong ka
Usep, sabab sidik pisan sora
teh datangna timanehna.
"Punten pa....ieu aya sms ti
pun biang, naroskeun, saurna
kanggo buka engke hoyong
sareng kolek naon !" Usep
sasadu.
"Alesan wae...kaluar maneh
Usep !" ceuk pa' Wahyu
curukna bentik nunjuk kaluar.
"Tah...tah...hape saha deui nu
disada ?" pa' Wahyu curinghak
"Nu abdi pa...ieu rerencangan
ngajak buka bersama !" Oded
buru buru ngaku
"Oded...tuturkeun tuh si
Usep !" kiyingking si Oded
kaluar Ningali geus dua urang
nu keuna sangsi,murid sejenna
anu bogaeun hape buru buru
nga-off-keun hapena, tapi teu
kungsi lila pa' Wahyu
curinghak deui lantaran
kadenge deui aya nu disada.
"Aduuunnnn....kaluar !" ceuk
pa' Wahyu bari nunjuk ka si
Adun
"Punten pa...abdi mah teu
gaduh hape...upami teu
percanten mangga we
parios !" beungeut si Adun
ngadadak beureum.
"Nya naon atuh anu tadi
disada ?" tanya pa' Wahyu
semu heran
"Eu..anu pa..kamari teh
waktos buka puasa nuang
kolek hui cilembu seueur
teuing,janten dugi kaayeuna
ngulibek wae !" tembal si
Adun bari nepakan
beuteungna.
"Aneh...maenya sora hitut
kawas ringtone lagu "asereje"
aneh !" pa' Wahyu ngan ukur
bisa gogodeg.
"Huuuuuuhhhhh!" kaayaan
kelas ribut deui
"Geus..geus...jempeeee !"
ceuk pa' Wahyu bari ngagedor
meja, jep kaayaan dikelas
simpe, tapi teu kungsi lila
geus der deui kadenge aya
hape nu disada.
Kabeh murid culang cileung,
terus silih pelong jeung pada
baturna,panon pa' Wahyu
mureleng,sirahna dengdek
ngadedengekeun sora hape
timana jebulna, tapi lila lila
paroman pa' Wahyu robah
bari pok ngomong ka murid
muridna kawas nu era.
"Hehehe...geuning nu disada
teh hape bapa, mun kitu
mah...anak anak belajar
sendiri yah !" bari kulumas
kelemes, leos kaluar.
"Horrrseeeeehhh!....asik
euy !" kelas ricuh, sora hape
patembalan deui.
salahsahiji sakola anu
kawilang elite, murid muridna
ampir kabeh ka sakolana
marawa hp, atuh puguh we
samemeh diajar sora hape
meni recet disarada. Jam
pelajaran kahiji, pa' Wahyu
kabagean ngajar dikelas anu
murid muridna rada barengal,
ti rohangan guru gandeang pa'
Wahyu nuju karohangan
kelas,ningali ringkang
ringkang guru datang, murid
murid dijero kelas ngadadak
jempe kawas gaang katincak.
" Selamat pagi anak anak !"
ceuk pa' Wahyu basa lol ti
lawang panto.
" Pagiiiiii....paaaaaak !" jawab
murid meni reang.
" Samemeh neruskeun
palajaran bapa nek mere
wejangan heula ka haridep,
sakumaha anu geus kauninga
sakumna umat Islam ayeuna
keur ngajalankeun ibadah
puasa, puasa teh salahsahijina
ngalatih kadisiplinan, jadi
timimiti poe ieu masalah
kadisiplinan kudu
ditingkatkeun, utamana lamun
keur dijero kelas,ulah ngobrol
lamun bapa keur nerangkeun
kitu deui anu marawa hape
kudu di-off-keun heula, sabab
bisa ngaganggu katenangan
diajar, saha wae anu
ngalanggar paraturan ieu
bakal dibere sangsi,
ngartoooss ?!" ceuk pa' Wahyu
bari nyiapkeun bahan
palajaran
"Sangsina naon pa ?" tanya
Oneng sorana halimpu,
ma'lum bentangna kelas eta.
"Lamun kanyahoan ngobrol
waktuna diajar atawa kadenge
aya sora hape, wayahna kudu
kaluar tikelas, tah paraturan
ieu berlaku jang saha wae, teu
pilih kasih !" tembal pa'
Wahyu Can acan garing biwir
pa' Wahyu ngomong kitu, di
bangku tukang aya hape
ngirining, kabeh marelong ka
Usep, sabab sidik pisan sora
teh datangna timanehna.
"Punten pa....ieu aya sms ti
pun biang, naroskeun, saurna
kanggo buka engke hoyong
sareng kolek naon !" Usep
sasadu.
"Alesan wae...kaluar maneh
Usep !" ceuk pa' Wahyu
curukna bentik nunjuk kaluar.
"Tah...tah...hape saha deui nu
disada ?" pa' Wahyu curinghak
"Nu abdi pa...ieu rerencangan
ngajak buka bersama !" Oded
buru buru ngaku
"Oded...tuturkeun tuh si
Usep !" kiyingking si Oded
kaluar Ningali geus dua urang
nu keuna sangsi,murid sejenna
anu bogaeun hape buru buru
nga-off-keun hapena, tapi teu
kungsi lila pa' Wahyu
curinghak deui lantaran
kadenge deui aya nu disada.
"Aduuunnnn....kaluar !" ceuk
pa' Wahyu bari nunjuk ka si
Adun
"Punten pa...abdi mah teu
gaduh hape...upami teu
percanten mangga we
parios !" beungeut si Adun
ngadadak beureum.
"Nya naon atuh anu tadi
disada ?" tanya pa' Wahyu
semu heran
"Eu..anu pa..kamari teh
waktos buka puasa nuang
kolek hui cilembu seueur
teuing,janten dugi kaayeuna
ngulibek wae !" tembal si
Adun bari nepakan
beuteungna.
"Aneh...maenya sora hitut
kawas ringtone lagu "asereje"
aneh !" pa' Wahyu ngan ukur
bisa gogodeg.
"Huuuuuuhhhhh!" kaayaan
kelas ribut deui
"Geus..geus...jempeeee !"
ceuk pa' Wahyu bari ngagedor
meja, jep kaayaan dikelas
simpe, tapi teu kungsi lila
geus der deui kadenge aya
hape nu disada.
Kabeh murid culang cileung,
terus silih pelong jeung pada
baturna,panon pa' Wahyu
mureleng,sirahna dengdek
ngadedengekeun sora hape
timana jebulna, tapi lila lila
paroman pa' Wahyu robah
bari pok ngomong ka murid
muridna kawas nu era.
"Hehehe...geuning nu disada
teh hape bapa, mun kitu
mah...anak anak belajar
sendiri yah !" bari kulumas
kelemes, leos kaluar.
"Horrrseeeeehhh!....asik
euy !" kelas ricuh, sora hape
patembalan deui.
tàrucingan
Tatarucingan Sunda
Posted on 24 Februari 2010 by Andri Kurniawan
i
15 Votes
| Bahasa Arabna buah-buahan | Alpukat |
| Bahasa Arabna Permadani | Alketip |
| Bahasa Arabna Kalender | Almenak |
| Bahasa Arabna Parabot dapur | Almunium |
| Leutik Hideng Kesangan ? | Sireum Tas Pus ap |
| Hideung Koneng Hejo ? | Urang Negro Modolna Jukut |
| Tikajauhan koneng ti kadeukeutan beureum | Jawab Salah tetenjoan |
| Di cabak ledok di takol ngabelentrang | Tai kotok dina Katel |
| Sato Naon Nupang leutikna | Tongo tapa 10 taun,tipes,kagencet batu |
| Kaleng Naon Nu Paur | Kalengkahan Maung |
| Kaca naon nu Berat | Kacalikan Gajah |
| Tahu naon nu pangbauna | Tahuntu Sia |
| Ucing Ngising Muru naon | Murukungkung |
| Jelma modol bari naon | Barijil |
| Leutik bodas ngabelesat | Remeh napel na pesawat jet |
| Oray hejo ngaringkel Udud | Obat nyamuk |
| Kumaha ngabedakeun gajah leutik jeung gajah gede | Di ayak |
| Di asupkeun kalah kaluar | Kancing |
| Basa Jepangna nu Reneh renang | Kukira Kura kura |
| Basa Jepangna Botak | Karineke |
| Basa jepangna Naek Motor | Suzuki kutaiki |
| Basa Arabna Ombeh | Ala an Taina |
| Basa Arabna Kopeah | Waddahuulu |
| Basa Cinana Leupas | Cing Cuang Cang-cang |
| Basa Cinana Rok | Cing Cuang Cing Cat |
| Basa Jepangna Boke | Sakurata |
| Mun Turun Lila, Mun Naek Gancang | Leho |
| Tugu naon nu enak | Tugo Monas..monasi goreng, monasi uduk, kumaha ilaing we |
| Nabi nu sok ngaroko | Nabi Wir |
| Sapi naon nu gancang | Sapida balap |
| Di teuk teuk angger panjang | Kacang Panjang |
| Huluna na suku, matana na suku, irungna nasuku, awakna na suku? | Hayam katincak |
| Leutik bodas hirup,cicing dina hulu | Kutu keur keputihan |
| Aki-aki ragrag surak | Sakti |
| Basa Arabna nini-nini lagrag ti tingkat 5 | Innalilahi Wainna ilaihi roji’un |
| Lele naon nu sok aya di sisi jalan | Lelepon Umum |
| Bedana Apel jeung Upil | Apel mah luhureun meja, mun upil handapeun meja |
| Paskibra naon nu teu ngenah | Pas kibra-kibrana sare di hudangkeun |
| Bedana HP jeung monyet | HP mah Nokia, monyetmah Nukieu |
| Lomari naon nu sok nyanyi | Lomari Irama… anjir maksakeun |
| Oray naon nu majuna lempeng | Oray ngadahar linggis |
| Cik Susun jadi kalimat “ Tai-Tikus-Kucing-Makan” | Kucing Makan Tikus, …Taina dahar ku Sia |
| Jelema meuli bantal keur naon | Keur hudang |
Filed under: Tatarucingan
hg Ibing
1. CANGEHGAR (CARITA NGENAH DAN SEGAR)

Yang mau Download tinggal klik aja dijamin tertawa…
CANGEHGAR A.mp3
CANGEHGAR B.mp3
CANGEHGAR C.mp3
CANGEHGAR D.mp3
CANGEHGAR E.mp3
CANGEHGAR F.mp3
CANGEHGAR G.mp3
CANGEHGAR H.mp3
CANGEHGAR I.mp3
CANGEHGAR J.mp3
CANGEHGAR K.mp3
CANGEHGAR L.mp3
CANGEHGAR M.mp
CANGEHGAR N.mp
CANGEHGAR O.mp
CANGEHGAR P.mp
CANGEHGAR Q.mp
CANGEHGAR R.mp
CANGEHGAR S.mp
CANGEHGAR T.mp
CANGEHGAR U.mp
CANGEHGAR V.mp
CANGEHGAR W.mp
CANGEHGAR X.mp
CANGEHGAR Y.mp
2. CANGEHGAR (CARITA NGENAH DAN SEGAR) TELKOMSEL
CANGEHGAR TELKOMSEL BAHASA CINA NA BAG 1.MP3
CANGEHGAR TELKOMSEL BAHASA CINA NA BAG 2.MP3
CANGEHGAR TELKOMSEL BAHASA CINA NA BAG 3.MP3
CANGEHGAR TELKOMSEL BAHASA CINA NA BAG 4.MP3
CANGEHGAR TELKOMSEL BAPA LOBA PISAN.MP3
CANGEHGAR TELKOMSEL BEDA LALAKI AWEWE BAG 1.MP3
CANGEHGAR TELKOMSEL BEDA LALAKI AWEWE BAG 2.MP3
CANGEHGAR TELKOMSEL BUDAK HOYONG NYUSU.MP3
CANGEHGAR TELKOMSEL JAMAN WALANDA.MP3
CANGEHGAR TELKOMSEL KAKARA NAIK KAPAL.MP3
CANGEHGAR TELKOMSEL KANYAAH.MP3
CANGEHGAR TELKOMSEL NINI BARIS.MP3
3. DONGEN KANG IBING +
Download Dongeng dari kang Ibing seru Banggettt…

Dongeng kang Ibing +.mp3
4. Ngaronda Kang Ibing + Cepot + Ijem

Download Bobodoran Kang Ibing+Cepot+Ijem
5. Doa Perkawinan Nu Geloo

Download Doa Kawin versi Nu Gelo.(ziddu)..
4shared
6. Kang Ibing Bebesanan jeung Mas Sastro

Download Bebesanan 1
Download Bebesanan 2

Yang mau Download tinggal klik aja dijamin tertawa…
CANGEHGAR A.mp3
CANGEHGAR B.mp3
CANGEHGAR C.mp3
CANGEHGAR D.mp3
CANGEHGAR E.mp3
CANGEHGAR F.mp3
CANGEHGAR G.mp3
CANGEHGAR H.mp3
CANGEHGAR I.mp3
CANGEHGAR J.mp3
CANGEHGAR K.mp3
CANGEHGAR L.mp3
CANGEHGAR M.mp
CANGEHGAR N.mp
CANGEHGAR O.mp
CANGEHGAR P.mp
CANGEHGAR Q.mp
CANGEHGAR R.mp
CANGEHGAR S.mp
CANGEHGAR T.mp
CANGEHGAR U.mp
CANGEHGAR V.mp
CANGEHGAR W.mp
CANGEHGAR X.mp
CANGEHGAR Y.mp
2. CANGEHGAR (CARITA NGENAH DAN SEGAR) TELKOMSEL
CANGEHGAR TELKOMSEL BAHASA CINA NA BAG 1.MP3
CANGEHGAR TELKOMSEL BAHASA CINA NA BAG 2.MP3
CANGEHGAR TELKOMSEL BAHASA CINA NA BAG 3.MP3
CANGEHGAR TELKOMSEL BAHASA CINA NA BAG 4.MP3
CANGEHGAR TELKOMSEL BAPA LOBA PISAN.MP3
CANGEHGAR TELKOMSEL BEDA LALAKI AWEWE BAG 1.MP3
CANGEHGAR TELKOMSEL BEDA LALAKI AWEWE BAG 2.MP3
CANGEHGAR TELKOMSEL BUDAK HOYONG NYUSU.MP3
CANGEHGAR TELKOMSEL JAMAN WALANDA.MP3
CANGEHGAR TELKOMSEL KAKARA NAIK KAPAL.MP3
CANGEHGAR TELKOMSEL KANYAAH.MP3
CANGEHGAR TELKOMSEL NINI BARIS.MP3
3. DONGEN KANG IBING +
Download Dongeng dari kang Ibing seru Banggettt…

Dongeng kang Ibing +.mp3
4. Ngaronda Kang Ibing + Cepot + Ijem

Download Bobodoran Kang Ibing+Cepot+Ijem
5. Doa Perkawinan Nu Geloo

Download Doa Kawin versi Nu Gelo.(ziddu)..
4shared
6. Kang Ibing Bebesanan jeung Mas Sastro

Download Bebesanan 1
Download Bebesanan 2
Halte
Salah Tafsir
By osolihin

Di halteu karéta api Leuwi Goong aya urang Cirebon anu keur diuk sorangan dina bangku, sigana mah keur nungguan karéta api nu ka dayeuhkeun.
Lar aya tukang nangka ngaliwat hareupeunana.
Tukang nangka : “Nangkana Mas! Nangkana Mas! “
Ngadéngé omongan tukang nangka, urang Cirebon téa diukna rada ngagésér saeutik.
Tukang nangka: “Nangkana Mas! Nangkana Mas!”
Urang Cirebon téa diukna rada ngagésér deui saeutik.
Tukang nangka: “Nangkana Mas! Nangkana Mas!”
Urang Cirebon téa diukna rada ngagésér deui saeutik.
Terus kitu kajadianana, nepi ka bangkuna ngajuralit, si urang Cirebon tijengkang nangkarak bengkang.
Si urang Cirebon ngambek, nyarékan tukang nangka laklak dasar.
Urang Cirebon : “Bujur manéh sakumaha legana hah! Ku aing dibéréan tempat diuk, masih kénéh nitah ngagésér ka aing! “.
Tukang nangka molohok teu ngarti kunaon dicarékan.[]
*Nang kana berarti ke sana (bahasa Cirebon). Ini mungkin yang dipahami urang Cirebon tersebut dan mengartikannya sebagai perintah untuk menggeser tempat duduknya. Sementara tukang nangka ini urang Sunda, sekadar menawarkan: Nangkana. Artinya, “Nangkanya Mas!” Sama seperti menawarkan yang lain: sendalna Pak, sapatuna Pak, jerukna Pak dsb.
Mesem wMesem w
Salah Kaprah
By osolihin
SALAH KAPRAH (1)
Satpam hyper market nangkep lalaki anu keur keketeyepan di jeo gudang. “Keur naon manéh di jero gudang?”
“Ah, keur tumpa-tempo waé sayah mah”
“Tah baca dina panto !”
“Dilarang masuk, kecuali yang berkepentingan”
“Tah gening bisa maca !”
“Na palebah mana salah kuring?”
“Nya salah atuh ari asup ka dinya mah!”
“Kuring mah teu ngarasa salah, da aya kapentingan……”
“Naon kapentinganana?”
“Enya ceuk kuring ogé tumpa-tempo”[]
SALAH KAPRAH (2)
Nyi Odah komplén ka pabrik shampoo, malah mah maké pengacara sagala. “Kuring komplén, lantaran buuk kuring lain boro-boro hitam berkilau, kalahka rontok”
“Dupi Ibu teu maos iklana?”
“Nya maca atuh, Shampoo untuk rambut hitam berkilau”
“Dupi rambut Ibu hitam berkilau?”
“Henteu, matak maké shampoo ieu ogé”
“Nya ari kitu mah salah di Ibu”
“Naha?”
“Shampoo ieu mah untuk rambut hitam berkilau wungkul”[]
Satpam hyper market nangkep lalaki anu keur keketeyepan di jeo gudang. “Keur naon manéh di jero gudang?”
“Ah, keur tumpa-tempo waé sayah mah”
“Tah baca dina panto !”
“Dilarang masuk, kecuali yang berkepentingan”
“Tah gening bisa maca !”
“Na palebah mana salah kuring?”
“Nya salah atuh ari asup ka dinya mah!”
“Kuring mah teu ngarasa salah, da aya kapentingan……”
“Naon kapentinganana?”
“Enya ceuk kuring ogé tumpa-tempo”[]
SALAH KAPRAH (2)
Nyi Odah komplén ka pabrik shampoo, malah mah maké pengacara sagala. “Kuring komplén, lantaran buuk kuring lain boro-boro hitam berkilau, kalahka rontok”
“Dupi Ibu teu maos iklana?”
“Nya maca atuh, Shampoo untuk rambut hitam berkilau”
“Dupi rambut Ibu hitam berkilau?”
“Henteu, matak maké shampoo ieu ogé”
“Nya ari kitu mah salah di Ibu”
“Naha?”
“Shampoo ieu mah untuk rambut hitam berkilau wungkul”[]
Si Kabayan Dicukur
By osolihin
Si Kabayan teh kandulan pisan. Ari kandulan teh jahe alias jago he-es (beuki sare). Teu kaop nyangkere atawa nyarande sok ker wae kerek.
Sakali mangsa si Kabayan teh dicukur. Dicukurna handapeun tangkal gede di sisi jalan Supratman. Ari tukang cukur teh ruruntuk dalang. Tadina hayang jadi dalang tapi teu kataekan. Kalah jadi tukang cukur. Teu wudu payu nyukurna teh da eta ari nyukur sok bari ngadalang.
Si Kabayan tibarang gek diuk dina korsi panyukuran geus lelenggutan wae nundutan. Saperti biasa tukang cukur teh ari ceg kana gunting jeung sisir tuluy wae ngabuih… Ngadalang. Pokna teh, “Tah kacaturkeun di nagara Alengka, rajana jenengan Dasamuka. Ari dasa hartina sapuluh. Ari muka eta hartosna beungeut atanapi raray… “
Si Kabayan nu keur ngalenggut ngarasa kaganggu kunu keur ngadalang, bari heuay si Kabayan nyarita, “Pondokeun wae Mang…”
Trek-trek tukang cukur teh ngaguntingan buuk si kabayan bari pok deui, ”Ari geus kitu… eta Dasamuka teh bogoh ka Dewi Sinta, geureuhna Sri Rama… ”
“Pondokeun wae Mang…”ceuk si Kabayan nyaritana selang seling antara inget jeung heunteu bakating ku tunduh.
Teu lila reup deui sare. Lilir sakeudeung, tukang cukur teh keur ngadongeng keneh, ”Urang tunda Dewi Sinta nu keur di Alengka, sabab dipaling ku Rahwana…. caturkeun sri Rama….” si Kabayan asa kaganggu sarena terus nyarita bari lulungu, “Pondokeun Mang….”
Terus reup deui peureum. Trek..trek tukang cukur ngaguntingan buuk si Kabayan bari nuluykeun ngadongengna. Ari tiap si kabayan lilir, tukang cukur teh keur ngabuih keneh wae ngadalang. Tapi ari leungeunna mah tetep teu eureun-eureun ngaguntingan buuk si Kabayan. Si Kabayan keuheuleun pisan sabab sarena kaganggu ku sora tukang cukur, nu sakapeung sok ngagerem nurutan sora buta atawa ngajerit nurutan sora Dewi Sinta basa dipaling ku Rahwana. Antukna si Kabayan ngambek ka tukang cukur bari nyarita ”Ceuk aing ge pondokeun…pondokeun…” tukang cukur nembalan “Dipondokeun kumaha ieu geus lenang kieu..” ari ret si Kabayan kana eunteung enya wae sirahna geus gundul teu salembar-lembar acan, puguh wae si Kabayan teh ambek, “Nu dipondokeun teh dongeng maneh lain lain buuk aing…” si Kabayan morongos.
Tukang cukur nembalan bari nyentak, “Bongan sorangan, naha atuh sare wae batur digawe teh, lain nuhun diembohan ku dongeng teh…”
Ngan hing wae si Kabayan teh ceurik bakating ku handeueuleun jaba ari balik ku barudak dipoyokan bari di abring-abring “…penjol….penjol….”[]
Sakali mangsa si Kabayan teh dicukur. Dicukurna handapeun tangkal gede di sisi jalan Supratman. Ari tukang cukur teh ruruntuk dalang. Tadina hayang jadi dalang tapi teu kataekan. Kalah jadi tukang cukur. Teu wudu payu nyukurna teh da eta ari nyukur sok bari ngadalang.
Si Kabayan tibarang gek diuk dina korsi panyukuran geus lelenggutan wae nundutan. Saperti biasa tukang cukur teh ari ceg kana gunting jeung sisir tuluy wae ngabuih… Ngadalang. Pokna teh, “Tah kacaturkeun di nagara Alengka, rajana jenengan Dasamuka. Ari dasa hartina sapuluh. Ari muka eta hartosna beungeut atanapi raray… “
Si Kabayan nu keur ngalenggut ngarasa kaganggu kunu keur ngadalang, bari heuay si Kabayan nyarita, “Pondokeun wae Mang…”
Trek-trek tukang cukur teh ngaguntingan buuk si kabayan bari pok deui, ”Ari geus kitu… eta Dasamuka teh bogoh ka Dewi Sinta, geureuhna Sri Rama… ”
“Pondokeun wae Mang…”ceuk si Kabayan nyaritana selang seling antara inget jeung heunteu bakating ku tunduh.
Teu lila reup deui sare. Lilir sakeudeung, tukang cukur teh keur ngadongeng keneh, ”Urang tunda Dewi Sinta nu keur di Alengka, sabab dipaling ku Rahwana…. caturkeun sri Rama….” si Kabayan asa kaganggu sarena terus nyarita bari lulungu, “Pondokeun Mang….”
Terus reup deui peureum. Trek..trek tukang cukur ngaguntingan buuk si Kabayan bari nuluykeun ngadongengna. Ari tiap si kabayan lilir, tukang cukur teh keur ngabuih keneh wae ngadalang. Tapi ari leungeunna mah tetep teu eureun-eureun ngaguntingan buuk si Kabayan. Si Kabayan keuheuleun pisan sabab sarena kaganggu ku sora tukang cukur, nu sakapeung sok ngagerem nurutan sora buta atawa ngajerit nurutan sora Dewi Sinta basa dipaling ku Rahwana. Antukna si Kabayan ngambek ka tukang cukur bari nyarita ”Ceuk aing ge pondokeun…pondokeun…” tukang cukur nembalan “Dipondokeun kumaha ieu geus lenang kieu..” ari ret si Kabayan kana eunteung enya wae sirahna geus gundul teu salembar-lembar acan, puguh wae si Kabayan teh ambek, “Nu dipondokeun teh dongeng maneh lain lain buuk aing…” si Kabayan morongos.
Tukang cukur nembalan bari nyentak, “Bongan sorangan, naha atuh sare wae batur digawe teh, lain nuhun diembohan ku dongeng teh…”
Ngan hing wae si Kabayan teh ceurik bakating ku handeueuleun jaba ari balik ku barudak dipoyokan bari di abring-abring “…penjol….penjol….”[]
seri atuh
Salah Sangka
By osolihin

Kareta Api barang nyemprung ti wetan ka kulonkeun. Kabeneran di sisi rel nu deukeut ka station aya tukang lotek keur ngebut-ngebut elap beureumna sabab dagangannana geus beak kari samarana wungkul.
Ningali di hareup aya nu ngebut-ngebut lamak beureum, masinis ngerem kareta api da disangkana aya bahaya. Terus nolol tina kaca jandela bari nanya ka tukang lotek:
“Aya naon, Bi?”
“Teu aya nanaon, mung kantun samarana wungkul!”[]
Langganan:
Komentar (Atom)
