Diambil dari sejumlah milis :
Wilujeng Sasih Siam
Kanggo Mamah sareng
Kulawargi di Bumi.
Neda sih hapunten samudaya
kalepatan
nu dihaja sinareng henteu.
Mugia ibadahna salawasna
aya dina kamulyaan.
Ngahaturakeun wilujeng
boboram siam 1 syawal 1427
H, bilih kantos nyungkelit dina
ati, tugenah dina manah,
kasiku catur, katajong omong
ku pribados, mugi ridho
ngahpunten samudaya
kalepatan.
Bilih aya langkung saur bahe
carek
Kaciwit kulit kabawa daging
Tunggul dirurut catang
dirumpak
Nyungkelit ati teugeunah
manah
Mudut pangampura
Wilujeung boboran siam
Wening galih nu dipamrih
Jembar manah nu dipilampah
Wilujeng boboran siam 1428H,
kalayan neda pangapunten
tina samudayaning kalepatan
Sugrining runtah kalepatan
dina manah
nyeuri peurihna ati sanubari
mugia lubar ku silaturahmi
Wilujeng boboran siam 1428 H
Taqobalallahu minaa
waminkum
Sanajan raga paanggang, teu
bisa amprok dampal panangan
Ngan saukur bisa ngirim surat,
chating jeung SMSsan
Kalayan dibarengan ku
kaihlasan, neda dihapunten
samudaya kalepatan
“Taqobalallohu mina wa
minkum syiamana wa
syiamakum”
Wilujeng Boboran Syiam 1428
H
Kedaling rasa nu pinuh ke
bangbaluh hate,
urang lubarkeun, ngawengku
pinuh ku nyuuh,
meungpeung wanci can
mustari.
Neda dihapunten kana
samudaya kalepatan,
bilih kantos nyungkelit dina
ati, kasiku catur,
katajong omong dina cariosan
anu matak ngarahetkeun
kana manah, kumargi urang
mah teu tiasa lumpat tina
kalepatan sareng kakhilafan.
Sim kuring ngahaturkeun
Taqabalallahu
Minna Wa Minkum, Wilujeung
Boboran Siam 1428 H
Tidak ada komentar:
Posting Komentar